Bandung Wétan baheulana
mangrupakeun daérah nu héjo ku pasawahan, mimiti ti Cicaheum nepi ka Rancaékék.
Tapi ku kabutuhan jaman, di ieu wewengkon dibangun ogé pabrik jeung padumukan (komplék
perumahan) nu kadieunakeun beuki ngalobaan tur padet.
Taun 1984, di Bandung Wétan
sanggeus wilayah Ujungberung, aréa pasawahan diurug tuluy taun 1986 dijieun
sababaraha imah nu ditempatan ku karyawan Hotél Panghégar. Tanah ieu mimitina
mah milik Hotél Panghégar (Grand Hotél
Panghégar Jalan Merdéka Bandung) nu diurus ogé ku PT. Hirayasa. Imah nu
munggaran téh ayana di Jalan Parahyangan. Sababaraha imah éta ngalegaan deui ka
Jalan Paseban sarta ka jalan séjénna tuluy jadi Komplék Panghégar. Ku ayana PT.
Télkom, PT. Pos, jeung Dinas Pariwisata nu ngagabung jadi Deparpostél dilegaan
deui éta imah-imah téh jadi komplék Panghégar II-IX nu diurus ku PT ISPEC,
lantaran PT. Hirayasa teu ngabéréskeun éta proyékan. Kiwari ieu komplék téh katelah
Komplék Panghégar Permai.
Panghégar Permai mangrupakeun
salasahiji komplék perumahan nu munggaran aya di Bandung Wétan, sanggeus
Antapani jeung Cijerah, nu baheula mah asup kénéh ka wilayah administratip
Kabupatén Bandung. Komplék ieu bisa disebut ogé komplék nu lega. Teu apal pasti
ukuran wilayahna sabaraha, tapi bisa ditingali ti batas geografisna, nyaéta di
kalérna jeung Jalan Raya Ujungberung
(Jalan A.H. Nasution), di wétanna Kampung Pangaritan, Pasar Induk Gedébagé di
kiduleunana, sarta di kuloneunana jeung Cinambo. Tapi ku ayana otonomi daérah,
ieu komplék téh asup ka wilayah administratip Kecamatan Panyileukan Kota
Bandung. Saacan taun 2008, ieu komplék téh kabagi ku dua kecamatan, nyaéta
Panghégar Kalér asup ka Kelurahan Cipadung Kulon Kecamatan Cibiru sarta
Panghégar Kidul asup ka Kelurahan Mekar Mulya Kecamatan Rancasari.
Dingaranan Panghégar geus
pasti da baheulana ditempatan ku karyawan Hotél Panghégar téa. Lamun diartikeun
harfiah mah “hégar” artina pikabetaheun, agréng. Ieu komplék téh bener kacida pikabetaheunana
kusabab deukeut ka Pasar Ujungberung jeung Gedébagé, teu gandéng ku kaayaan
patalimarga, aya sarana pendidikan, aya swalayan, aya kénéh pasawahan, sarta
bisa ningali gunung Manglayang di beulaheun kalérna. Ieu komplék téh aman, da
kaléreunana deukeut pisan jeung Komplék Asrama Polisi Bina Brata.
Loba aksés jalan asup ka ieu
komplék téh, contona ti Jalan Rumah Sakit Ujungberung, ti Jalan Cinambo, ti
Jalan Soekarno-Hatta (bypass) bélok ka Jalan Peti Kemas, ti Jalan Gedébagé, ti
Jalan Gempol (hareupeun POLDA JABAR), ti Jalan Cipadung bélok ka Jalan
Pangaritan, ti Jalan Ciporéat bélok ka Jalan Sukamaju, sarta ti Jalan
Ujungberung bélok ka Kampung Waréng.
Ngaran jalan di komplék ieu
kabagi ku dua jinis, nyaéta Panghégar Kalér (nu munggaran) ngaran jalanna maké
basa Sunda, saperti:
1.
Panghégar (“hégar” nyaéta pikabeutaheun)
2.
Parahyangan (“hyang” nyaéta suci, tempatna para
déwa)
3.
Paséban (“séba” nyaéta ngadeuheus ka raja atawa
bupati; adat kabiasaan di jaman baheula nyaéta barangbéré hasil bumi, jadi
paséban artina tempat pasébaan)
4.
Pasanggrahan (imah pameutingan, panganjrekan)
5.
Padépokan (“dépok” nyaéta diuk bari melenguk, jadi
padépokan artina tempat nu sok dipaké diuk lila atawa patapaan)
6.
Pakuan (“Pakuan Pajajaran” nyaéta minangka ngaran
nagara nu jadi puseur dayeuh karajaan Sunda)
7.
Palalangon (tempat nu négla ka ditu ka dieu)
8.
Panineungan (“tineung” nyaéta cinta; asih; nyaah;
leungiteun ku jelema nu dipikaresep nepi ka sok inget waé sakapeung dibarengan
ku rasa melang, jadi panineungan tempat nu dipikanyaah nepi ka moal dipohokeun)
9.
Panyawangan (“sawang” nyaéta kawas; jiga; diawas-awas
ti kajauhan)
10.
Panutan (éwé-salaki kudu pada anut, salaki atawa
pamajikan kudu dianutan; jungjunan)
11.
Pamitran (tempat kumpul para mitra)
12.
Panglayungan (“layung” nyaéta cahya konéng dina
waktu panonpoé rék surup, jadi panglayungan artina tempat nu kacida éndahna di
waktu pasosoré)
13.
Pagelaran (tempat raja di jaman baheula paranti
némbongkeun diri ka ponggawana)
14.
Panyileukan (bahan pikiraneun sagala nu
dipikahayang)
Panghégar Kalér nu asup ka
Kelurahan Mekar Mulya, ngaran jalanna ogé aya kecap “mekar”, saperti:
1.
Tulip Mekar
2.
Dahlia Mekar
3.
Aster Mekar
4.
Cempaka Mekar
5.
Melati Mekar
6.
Mawar Mekar
7.
Teratai Mekar
8.
Kenanga Mekar
9.
Mekar Sari
10.
Mekar Wangi
11.
Mekar Sugih
12.
Mekar Arum
13.
Mekar Indah
14.
Mekar Élok
15.
Mekar Asih
16.
Mekar Ayu
17.
Mekar Asri
18.
Pamekar Timur
19.
Pamekar Barat
20.
Taman Pamekar Timur
Ieu komplék téh kaitung
badag, tapi masih aya pasawahan nu kadieunakeun beuki ngaheureutan kusabab
dibangunna ruko-ruko, komplék anyar, sarta sarana umum lianna. Biasana
sapanjang Jalan Panghegar ti Cinambo nepi ka Jalan Pangaritan sok dipaké jalan alternatip
pikeun nembus ka Jalan Cipadung (Borma), kantenan atuh ieu jalan téh jadi ramé.
Komplék ieu ogé dikulilingan ku pabrik-pabrik tékstil, saperti Patal Cipadung
nu suksés nepi ka ahir taun 1990-an, nu katelah ogé di kota Bandung. Kiwari éta
pabrik téh geus euweuh, cenah mah bangkrut. Ayeuna éta urut pabrik téh rék
dijieun komplék pertokoan “Tanrise City” siga “Surapati Core” deui. Sataun, dua
taun ka hareup, Komplék Panghégar téh pasti beuki ramé.
Sumber:
1. Hj. Ekowati (wawancara perkawis sejarahna)
2. Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata (pustaka)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar